Pupuh Bertema Lingkungan

Diposting pada: 2018-08-27, oleh : SMKN7BANDUNG, Kategori: Artikel Karya Guru dan Siswa

1. Pupuh Kinanti (Karya : Ade Sita, Kelas X Analis 1)

Hayu urang kararumpul

Kararumpul keur bebersih

Bebersihna di sakola

Sabab bersih nomor hiji

Eta teh program adiwiyata

Kudu bersih ti kiwari

 

2. Pupuh Kinanti (Karya : Salma Fergiana, Kelas X Analis 1)

Kudu getol nyekel sapu

Sangkan lingkunganna bersih

Bersih teh pangkal pahala

Kotor teh pangkal panyakit

Hayu urang babarengan

Nyiptakeun Bandung nu asri

 

3. Pupuh Kinanti ( Karya : M. Rochman, Kelas X Analis 1)

Alam endah asal ti tempat bersih
keur arurang
Jalma nu ariman
Jeung jalma anu areling
Ti pangeran anu gopur
Paparin nu maha suci
Nu kedah dijaga pisan
Ieu alam anu agung
Endahna dimana mana
Hayu urang,
Miara sabari ngabring
Ieu alam

 


Berita Lainnya